Rabu, 02 April 2008

Seuhah Lata-Lata

Aya dua sobat, sakadang kuya jeung sakadang monyét.


Hiji waktu, sakadang monyét ngajak sakadang kuya ka kebon pa tani.

“Sakadang kuya!” ceuk sakadang monyét.

“Kuk..” témbal sakadang kuya.

“Urang ka kebon pa tani yu!” ceuk sakadang monyét.

“Embung ah! Manéh mah sok gandéng” témbal sakadang kuya.

“Moal atuh ayeuna mah” témbal sakadang monyét.


Terus maranéhna ka kebon pa tani.

Di kebon, kasampak keur panén cabé.

Cabéna seger-seger, pikabitaeun sakadang monyét.


Buru-buru sakadang monyét ngadahar cabé.

Tapi manéhna ladaeun nepi ka ngagorowok “Seuhah lata-lata…seuhah lata-lata..”.

Kuya reuwas, terus ngingetan sakadang monyét “Sakadang monyét, tong gandéng! Bisi kadéngéeun ku pa tani”.

Sakadang monyét némbalan “Ah, moal kadéngéun! Pan pa tani na gé keur saré”.

Singhoréng ku pa tani kadéngéeun, terus ngagorowok “Saha éta nu maling cabé, hah?!”.

Pa tani kaluar bari mawa péso.

Sakadang monyét buru-buru lumpat bari ngagorowok “Kuya! Kuya! Geuwat lumpat!”.

Manéhna lumpat ka leuweung.

Tapi sakadang kuya teu bisa lumpat gancang siga sakadang monyét.

“Tah! Beunang manéh bangsat! Manéh rék disaté isukan keur dahar anak aing”.

Terus sakadang kuya dikurungan di kebon pa tani.

Sakadang kuya ceurik mikirkeun nasibna nu sué.

Peutingna, sakadang monyét datang ngalongok sakadang kuya.

Waktu éta sakadang kuya masih ceurik.

“Ssstt..kuya! Kuya! Ieu kuring, monyét. Kunaon manéh ceurik?” ceuk sakadang monyet.

Nempo sakadang monyét datang, sakadang kuya langsung seuri, “Hahahahaaaa…! Kuring ceurik sabab kuring bungah. Isukan kuring rék dikawinkeun jeung anakna pa tani”.

“Hah?! Nu bener??” ceuk sakadang monyét.

“Bener! Tuh tempo, pa tani geus nyiapkeun kadaharan keur pésta isukan” ceuk sakadang kuya bari ningalikeun kabungahan.


Sakadang monyét sirik, terus ngomong ka sakadang kuya, “Heh kuya! Kumaha lamun tukeuran? Kuring di jero kurung, manéh bébas”.

Sakadang kuya molotot “Hah?! Embung ah! Kuring hayang dikawinkeun jeung anakna pa tani. Indit ka ditu! Bisi kanyahoan ku pa tani. Ké manéh dijieun kadaharan”.

“Malar sosobatan urang majang, sok atuh ki sobat nu bageur…” sakadang monyét ngolo.

Tungtungna sakadang kuya api-api ngéléhan.

”Sok lah. Pikeun sosobatan urang, kuring ngéléhan. Sok buru-buru asup! Engké lamun pa tani datang, manéh api2 saré wé nya”.

Terus sakadang kuya dileupaskeun ku sakadang monyét, diganti ku manéhna.


Isukna, pa tani nyampeurkeun kurungan sakadang kuya bari mawa bedog.

“Héh kuya! Ayeuna manéh rék dipeuncit keur mumuluk”.

Kacida reuwasna sakadang monyét.

Singhoréng manéhna rék dipeuncit.

Manéhna néangan akal, terus kapikir rék papaéhan.

Ayeuna giliran pa tani anu kacida reuwasna.

Barang kurung dibuka, nu aya di jero kurungan lain sakadang kuya, tapi sakadang monyet jaba paéh.

“Hah? Naha kuya jadi monyét?! Paéh deui”.

Kerewek, sakadang monyét digiwing ku pa tani. Belewer, dialungkeun ka jarian.


Barang bruk, berebet, sakadang monyét lumpat tibabaranting ka leuweung. Pa tani molohok.

2 komentar:

simplysepti mengatakan...

ouuuh....

jadi...
itu sekadang kra-kura...
aslinya mati tak?

en...
itu sekadang monyet...
akhirnya bisa kawin tak?

irwan mengatakan...

hehuheuah kangen sama (almh) nenek gw waktu kecil di ceritain dongeng ini....